Ku: Inotji Hajatullah
Harita taun 1976 mimiti ngadéngé aya tempat nu ngaranna Batu Karaton. Mucunghul tanda tanya, naha bener aya batu mangrupa karaton atawa karaton anu diwangun tina batu? Bawaning ku panasaran, nya dina taun éta kénéh ngahaja ngajugjug ka tempat éta.
Lokasi Batu Karaton téh ayana di Kampung Ciburial, Désa Tugu Utara, Kecamatan Cisarua, Kabupatén Bogor, kiduleun Pasar Cisarua, saméméh Tanjakan Sampay. Ti kota Bogor mah jauhna kira-kira 25 kilométer. Turun ti kandaraan saméméh jambatan Sampay terus meuntas Cihaliwung. Ka lokasi téh lamun leumpang mah kira-kira 20 menitan mapay jalan onderneming.
Taun 70-an mah ka tempat éta téh éstu mahi ku leumpang baé, da jalanna masih kénéh taneuh komo lamun hujan mah jareblog. Harita mah kaayaanana masih tiiseun, loba rungkun awi. Lamun peuting sapanjang sisi jalan dioboran. Imah-imahna ogé lolobana mah masih disaung-hateup, tukangeunana kandang kebo atawa kandang embé.
Nepi ka nu dijugjug naon anu diduga téh bet nyalahan. Enya ari batuna mah nyampak aya, tapi geuning teu jiga-jiga karaton; kitu deui boro aya karaton atawa istana, nu aya ngan wangunan leutik satengah badan.
Nu puguh mah nu disebut “batu karaton” téh hiji batu nu ngajegir gedé pisan di hiji pasir di tengah perkebunan nu kaasup PTPN VIII. Batu téh sisi kalér jeung kulonna gurawés.
Ti sisi wétanna aya tétécéan pikeun naék ka luhur batu. Ti sisi kulonna aya tangkal nu gedé tur jangkung, ngiuhan batu. Lahan sakurilingeun batu dipager awi. Kaayaan di tempat éta plung-plong jeung henang-hening tur pamandanganana waraas pisan, bubuhan aya di tempat anu luhur.
Ka beulah kulon Pasar Cisarua atra pisan; ka beulah kidul nyampak Tanjakan Sampay; ka Beulah kalérna Jogjogan.
Kataji ku pamandangan nu éndah, ka béh dieunakeun ka tempat éta téh tambah remen. Dina sabulan sok aya dua-tilu kalina. Kari-kari ti Bogor téh bisa disorang 30 menitan, da harita mah kandaraan teu loba cara ayeuna. Dalah malem Minggu ogé jalan téh teu pati ramé. Sakalieun mah osok ngéndong sangkan isukna bisa moyan luhureun batu. Atuh dina waktu soré nyaksian surupna panon poé ti beulah kulon. Ti dituna mah ngadon titirah.
Kunaon disebut Batu Karaton?
Sanajan aya di tempat anu luhur, sepi jeung jolok, tempat éta téh osok didaratangan ku balaréa seja ngadon jiarah. Aya dua makam anu sok dijiarahan téh. Nu kahiji makam Pangéran Dita Cipta Nagara, nu ceuk sakaol inyana téh salasaurang pangéran katurunan ti Kasultanan Banten; nu hiji deui makam Aji Guna Wijaya. Riwayat duanana teu kapaluhur. Iraha, ti mana asalna, jeung kumaha lalampahanana nepi dikurebkeun di dinya weléh teu kaguar. Lian ti éta, aya sababaraha makam deui nu rupana mah makam warga kampung dinya.
Meunang carita ti urang dinya, yén tina jero batu anu kawilang gedé téh, lamun keur kawénéhan sok kaluar rupa-rupa barang pusaka saperti manik-manik, mustika, péso, keris, jeung barang antik lianna. Ceuk béja mah barang-barang pusaka téh disimpen di hiji rohangan, kawas rohangan di jero karaton.
Samalah mah ceuk saurang warga, sakali mangsa manéhna kungsi nénjo lawang panto karatonna sagala. Ku ayana hal-hal anu sarupa kitu warga boga anggapan yén batu téh sakali waktu bisa robah ngajadi wangunan karaton. Kitu lalakon batu téh nepi ka ayeuna disebut Batu Karaton. Taya katerangan nu pasti iraha mimiti disebut Batu Karatonna mah.
Situs Prasajarah
Anyaran datang mah henteu kabireungeuh yén tempat éta téh singhoréng mangrupa hasil budaya titinggal karuhun. Ka béh dieunakeun sanggeus sababaraha kali ditelek-telek tur diakurkeun jeung gambar sarta katerangan-katerangan anu kapanggih dina buku-buku, tetela batu anu ngajegir ngan hiji-hijina saperti Batu Karaton téh disebutna monolit (mono=hiji; litos=batu).
Batu Karaton téh nyatana mah batu gunung nu nyanghareup ngulon-ngétan. Bagian luhurna rada miring arah kidul. Di bagéan anu rada rata aya batu nu ipisna kira-kira sapuluh séntiméter, lébar 100 cm, tur panjangna 120 cm anu ditunjang ku sababaraha batu anu laleutik.
Disidik-sidik mah jiga méja. Susunan batu nu siga méja kitu ku para ahli mah disebutna dolmén atawa batu méja.
Henteu jauh ti dolmen, batu téh cowak anu eusina cai. Ceuk béja mah, cai dina cowak téh tara saat sanajan usum halodo gé. Lian ti éta, di handapeun batu ti beulah kulonna aya sababaraha ménhir atawa batu tangtung. Batu tangtungna aya nu nyorangan, aya ogé nu dipaké tutunggul kuburan.
Dumasar ayana monolit, dolmén, tur ménhir di tempat éta, atuh moal jauh ti dugaan yén Batu Karaton téh mangrupa situs prasajarah dina tradisi mégalitik (méga=gedé; litos=batu). Mégalitik téh kaasup tradisi dina jaman prasajarah anu hasil-hasil budayana utamana ngagunakeun batu-batu anu galedé. Kuat dugaan situs Batu Karaton téh digunakeun pikeun upacara pamujaan.
(Nyutat tina Balébat citak nomer 9 taun 2008)
Nambih pangatahuan budaya sunda.