Kecap rancamaya kapanggih dina sababaraha sumber, diantarana : Carita Parahiyangan, Pustaka Rajyarajya i Bhumi Nusantara, Deugdeug Pati Jaya Perang, jeung Rajah Waruga Pakuan. Dina Carita Parahiyangan bagian XIX unina: “ndah nihan tembey Sang Resi Guru miseuweukeun Sang Haliwungan inya Sang Susuktunggal nu munarna Pakuan reujeung Sanghiyang Haluwési nu nyaeuran Sanghyang Rancamaya. Mijilna ti Sanghiyang Rancamaya: Ngaran kula ta Sang Udugbasu, Sang Pulunggana, Sang Surugana, ratu hiyang Banaspati”.

Saterusna dina bagian XX disebutkeun: “disilihan ku prebu naléndraputra premana, inya sang Ratu Jayadéwata, sang mwa(k)taring Rancamaya, lawasniya ratu telu puluh salapan taun”. Dina bagian XIX nu disebutkeun di luhur kacaritakeun yen Rancamaya téh disaeuran atawa diurug ku Sanghiyang Haluwési adina Susuktunggal alatan dina talaga éta aya dedemit (banaspati) nu ngarana Udugbasu, Pulunggana jeung Suranggana; saterusna dina bagian XX disebutkeun Rancamaya téh tempat dipusarakeunana Ratu Jayadéwata (Sri baduga Maharaja).

Dina Pustaka Rajyarajya i Bhumi Nusantara kacaritakeun waktu di karaton Cirebon diayakeun gotrasawala ngeunaan sajarah Nusantara, kasebut aya mahakawi utusan ti Rancamaya. Ku disebut sebutna Rancamaya dina sumber sumber heubeul, saheunteuna ngaran tempat éta boga ajén nu penting dina sajarah di tatar Pasundan hususna sajarah karajaan Pajajaran.

Diurugna Rancamaya ku Haluwési (adina Susuktunggal) alatan di dinya aya Banaspati (dedemit atawa jurig cai) nu sok ménta nyawa manusa utamana nonoman. Dina pantun Bogor lalakon “Disaeurna Talaga Rancah Maya” kacaritakeun, di tengah ranca téh aya karaton nu ngaran rajana Resi Niskala Nyura Maya. Para ponggawa jeung rahayatna matak pikasieuneun malah sataun sakali sok ménta sapasang rumaha (sekar manah) keur pimatarameun (wadal).

Sangkan bisa ngarurug éta karaton, ranca téh ti sisi ka tengahna diurug. Sigana baé anu disebut Ratu Hyang Banaspati di Carita Parahyangan téh nyaéta Resi Niskala Nyura Maya. Dedemit lainna nyaéta Udugbasu, Pulunggana, jeung Suranggana nu kasebut dina Carita Parahyangan sabenerna tokoh- tokoh anu aya dina mitologi awal ayana tatanén, hususna melak paré nu aya dina carita Sulanjana. Ari tokoh utamana mah nyaéta Nyi Pohaci Sanghyang Sri. Dina éta carita Udugbasu mangrupa babi leuweung, Pulunggana jeung Suranggana mangrupa manuk piit. Tiluana gawéna ngaruksak paré. Jadi Sabenerna tilu tokoh tadi mangrupa tokoh nu diinjeum ku panyusun carita Parahyangan.

Rancamaya téh hiji talaga pikeun kalangenan kulawarga karajaan. Hiji tempat nu dianggap penting minangka atribut atawa kalengkepan karajaan, nepi dibere gelar kahormatan Sanghiyang. Nya di dinya raja katut kulawargana lalayaran bari sukan-sukan. Alatan diurug mah sigana bae loba nu cilaka waktu lalayaran katurug-turug talaga téh jero. Diurugna talaga ku Haluwési kajadianana pastina ogé dina jaman Susuktunggal jadi raja (1382-1482 M), ngan taun sabarahana mah teu kapaluruh. Jadi, mangsa Sri Baduga Maharaja (1482-1521 M) jadi raja talaga téh geus saat. Dina prasasti Batutulis kasebut Sri Baduga nyieun Sanghiyang Talaga Réna Mahawijaya, ngan hanjakal dimana lokasina heunteu disebutkeun. Ana kitu, naha Sanghiyang Rancamaya nu kasebut dina Carita Parahiyangan teh sarua/idéntik jeung Sanghiyang Talaga Réna Mahawijaya? naha Sri Baduga nyieun talaga séjén gaganti Sanghiyang Rancamaya nu geus diurug alatan angker sarta éta talaga anyar teh tuluy dingaranan Sanghyang Talaga Réna Mahawijaya?.

Di Rancamaya ogé aya hiji tempat nu disebut Bukit Badigul atawa Sanghyang Padungkukan anu diduga tempat nu diwangun ku Sri Baduga nu disebut gugunungan dina prasasti Batutulis. Bukit Badigul ieu minangka puseur tempat kagiatan kagaamaan di zaman Pajajaran. Malah numutkeun Sales Danasasmita, di Bukit Badigul ieu diayakeun upacara sradha pikeun nyampurnakeun jasad Sri Baduga.

Inotji Hajatullah

 

By admin

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *