Dina tanggal 3 jeung 4 Méi 2023 kamari, warga masarakat Sukamakmur ngagagelar acara pésta rakyat anu mangrupa Féstival Adu Kuluwung Karbit. Kagiatan adu kuluwung karbit sabenerna mah geus ilahar dilakukeun ku masarakat di wewengkon ieu minangka hiburan dina raraga ngaréah-réah poéan lebaran atawa idul fitri.

Féstival ieu dilaksanakeun ku dua désa anu tatanggaan, nyaéta Désa Sukamulya jeung Désa Sukamakmur, Kecamatan Sukamakmur. Supaya acara ieu bisa lumangsung kalayan tartib jeung mulus, dijieun kapanitiaan di désana séwang-séwang.

Kuluwung karbit téh kaulinan masarakat lembur di sabudeureun Sukamakmur. Lamun di wewengkon lain mah osok disebut bleson atawa bebeledugan anu bahanna cukup tina awi anu dibolongan, biasana keur ngabeledugkeunna sok dipaké minyak tanah. Tah, ari di Sukamakmur mah, lain awi nu dipaké téh, tapi catang tina tangkal kai. Anu ayeuna dipaké téh tina tangkal randu. Jadi kuluwung téh bleson nu ukuranana badag pisan jeung nu dipaké keur bahan bakarna, nyaéta karbit nu biasa sok dipaké keur ngelas beusi.

Tangkal randu nu dipilih gé anu geus miboga diaméter leuwih ti satengah méter, malah aya nu diametérna ampir 90 sénti. Ari panjangna mah rata-rata salapan méter, tapi aya ogé nu tepi ka 11 méter.  Numutkeun panitia, kuluwung nu disiapkeun ti dua désa téh aya 110 kuluwung. Biaya keur nyieun hiji kuluwung bisa nepi ka dalapan juta rupiah, samentara nu badag mah teu kurang ti 15 juta.

Pas dina waktuna kagiatan ieu dimimitian, jalma ti mana mendi daratang ngadongdon ka Sukamakmur. Teu katinggaleun, réa ogé gegedén anu sarumping. Aya Wakil Ketua MPR RI Ahmad Muzani, anggota DPR RI H Mulyadi, Ketua DPRD Kabupatén Bogor Rudy Susmanto katut sababaraha anggota DPRD Kabupatén Bogor lianna.

Ogé hadir dina kagiatan ieu Kadisbudpar Kabupatén Bogor Déni Humaédi sarta Kabid Kebudayaan Ike Sélviany katut réngréngan ti Disbudpar Kabupatén Bogor lianna.

Acara lumangsung dua poé jeput, ti isuk tepi ka soré jam 5. Sora ting jelegur patarik-tarik silih témbal tina kuluwung nu disundut ku seuneu nu saméméhna geus dieusian ku karbit nu dibaseuhan. Salasaurang panitia nyebutkeun, yén mun hayang sorana ngalelegur harus, sanggeus karbit nu dibaseuhan diasupkeun kana kuluwung, kudu diingkeun heula tilu menit sangkan haseupna kaluar jeung minuhan kuluwungna. Geus kitu mah kakara wé disundut.

Banjir Aprésiasi

Kagiatan Adu Kuluwung Karbit ieu meunang aprésiasi nu hadé ti para inohong. Ahmad Muzani nyebutkeun, kataji pisan ku festival rakyat atawa festival seni budaya siga kieu, tur hal ieu kudu terus dijaga jeung dimumulé. Politisi ti Partai Gerindra ieu ogé nandeskeun, yén festival seni budaya bisa méré inséntif keur kagiatan ékonomi di désa-désa, khususna keur UMKM satempat.

Samentara Rudy Susmanto nerangkeun, kagiatan ieu mangrupa adat budaya masarakat Sukamakmur nu geus lumangsung sacara turun-tumurun. Ka hareupna ngadorong Pamaréntah Kabupatén Bogor sangkan festival adu kuluwung ieu bisa asup jadi calendar event Disbudpar.

Saluyu jeung Rudy Susmanto, Ansori Setiawan, anggota DPRD Kabupatén Bogor nambahkeun, adu kuluwung ieu mémang asli  tradisi masarakat Bogor Wétan sabada poéan lebaran. Ansori ogé negeskeun, kagiatan ieu téh asalna ti warga, ku warga, keur warga, pésta rakyat, keur ngaraketkeun tali silaturahmi, sakaligus hiburan keur warga.

Numutkeun Kabid Kebudayaan Disbudpar Kabupatén Bogor Ike Sélviany, adu kuluwung karbit di Sukamakmur ieu mangrupa kaulinan tradisional anu miboga poténsi pikeun ditetepkeun jadi WBTB (warisan budaya tak benda) atawa warisan budaya nu lain mangrupa barang/banda. “Ngan hal ieu tangtuna kudu ditalungtik heula ku Tim Ahli,”sambung Ike.

Perlu Diperhatikeun Kasalametan

Kaulinan kuluwung karbit ieu, dihenteu-henteu gé, tetep miboga poténsi bahaya anu gedé. Hal ieu jadi perhatian ti para inohong sangkan panitia sacara daria merhatikeun kasalametan, utamana nu aya di deukeut kuluwung nu keur dibeledugkeun. Kitu ogé sora nu  ngajelegur harus pisan siga sora mariem, bisa ngajadikeun ceuli katorékan.

Pihak panitia ogé sabenerna mah geus tatan-tatan dina nyieun palanggeran sangkan lumangsungna acara bisa lancar sarta teu aya kajadian anu ngarugikeun pihak séjén. Di antarana, panitia geus ngalarang budak leutik datang ka tempat lumangsungna féstival. Laju, para ibu anu boga budak orok jeung para sepuh nu bakal kaganggu ku sora ngajelegurna mariem kuluwung geus diungsikeun ka tempat anu rada jauh. (HMA)

By redaksi

One thought on “Rongkahna Féstival Adu Kuluwung Karbit di Sukamakmur”

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *