CIAMIS — Nyangku mangrupa hiji ngaran upacara adat pikeun ngahormat karuhun anu geus nyebarkeun agama Islam di Tatar Galuh, wewengkon anu kiwari dipikawanoh salaku Kabupatén Ciamis, bagian wétan Jawa Barat.
Upacara nyangku dilaksanakeun saban taunna dina bulan Mulud, di wewengkon Kacamatan Panjalu. Kacamatan ieu minangka puseur Karajaan Panjalu dina mangsa ka tukang. Upacara éta pisan anu dilaksanakeun poe Kemis (11/3).foto : http://urangciamis.blogspot.com/
Acara anu dilaksanakeun di Panjalu éta lumangsung hikmat kalayan disaksian rébuan masarakat ti sagala wewengkon, kaasup warga jeung sesepuh Panjalu, sarta para pajabat pamaréntah daérah Kabupatén Ciamis.
Nurutkeun carita anu terus diturunkeun sacara lisan di masarakat Panjalu, Nyangku mangrupa wujud rasa mulang tarima ka karuhun, utamana ka Éyang Borosngora, anu geus mawa Islam ka wewengkon Panjalu.
Pikeun nunjukkeun rasa mulang tarima éta, nepi ka ayeuna masarakat Panjalu tetep ngajaga alam katut budayana, sarta tetep ngalaksanakeun upacara nyangku.
Ku yasana Éyang Borosngora ogé, wewengkon éta ngabogaan ngaran anu seungit alatan ti Panjalu pisan mimitina sumebar agama Islam nepi ka wewengkon anu leuwih lega.
Sok sanajan ngaran Éyang Borosngora kawéntar pisan di wewengkonieu, tapi taya saurang ogé masarakatna anu nyahoeun dimana ayana astana Éyang Borosngora téh. Sedengkeun anak ti Borosngora, nyaéta Prabu Hariang Kencana Putra dimakamkeun di Sétu Léngkong.
Astana Hariang Kencana aya di hiji pulo anu disebut Nusa Larang nu legana 40 héktar di tengah-tengah Sétu Léngkong anu ngabogaan lega kira-kira 70 héktar. Astana éta jadi tempat ziarah jeroning prak-prakan upacara adat nyangku.
Upacara éta dimimitian ku ngagelar du’a babarengan ka karuhun Panjalu. Saterusna dipungkas ku ngabersihan barang-barang pusaka titilar Karajaan Panjalu, kaasup hiji pakakas utama nu mangrupa hiji pedang nu ceuk sakaol dipiboga ku Éyang Borosngora.
Nurutkeun carita anu dipercaya ku masarakat satempat, pedang éta téh pamere ti Sayidina Ali ka Borosngora minangka kado kusabab geus hatam diajar agama Islam di Mekah.
Nepi ka ayeuna ku masarakat Panjalu di wewengkon Galuh, pedang éta dianggap minangka barang sakral. Masarakat satempat miboga kayakinan yén cai urut kukumbah pedang éta ngabogaan sagala rupa khasiat.
Ayeuna barang-barang pusaka éta disimpen di hiji tempat khusus. Tempat éta aya di musium anu disebut Bumi Alit anu mindeng didatangan ku wisatawan ti mana mendi.
Barang pusaka anu tos diberesihan, dikumbah tur dipapaés sakumaha mistina, tuluy dibawa ku warga masarakat sabari mamaké pakéan khas adat Sunda atawa pakéan muslim sacara babarengan. Pusaka-pusaka éta dibawa ti Bumi Alit nuju pulo Nusa Larang di Sétu Léngkong anu jarakna kira-kira 500 méter. Pikeun nyabrang ka pulo Nusa Larang anu aya di tengah-tengah sétu, rombongan ngagunakeun parahu nuju ka makamna Hariang Kancana putra Éyang Borosngora.
Di tempat ieu warga nu mawa barang pusaka sarta para sesepuh Panjalu ngagelar du’a sarta sholawat ka Nabi Muhammad dipingpin ku kuncen Bumi Alit, Aléh Wira Atmaja.
Réngsé ngalaksanakeun ritual ngadu’a di Nusa Larang, pakakas-pakakas pusakana dibawa balik ka alun-alun Panjalu. Di tempat ieu pisan rébuan jalma sarta para pajabat pamaréntah geus ngadagoan.
Upacara nyangku , numutkeun Bupati Ciamis Engkon Koswara, lain ngadeudeukeutkeun kana musyrik, ieu mah minangka keur pengabdian masarakat Sunda di Ciamis, khususna masarakat Panjalu anu ngahormat ka para karuhunna, sarta saréatna mah muji syukur ka Alloh SWT.