Di wilayah Bogor mindeng kapanggih titinggal ti mangsa baheula anu unik jeung teu disangka-sangka. Sakumaha anu geus kapanggih di wewengkon Nanggung. Kira-kira taun 2010, saurang warga anu keur nyieun jalan motor di buruan imahna, teu ngahaja manggih batu anu némprak rata anu aya tulisanana.

Sanajan nyahoeun yén batu éta téh aya tulisanana, ngan kusabab éta batuna rata, tungtungna mah batu téh digunakeun jadi batu panggilesan pikeun nyeuseuhan baju.

Warta ngeunaan kapanggihna batu ieu, akhirna nepi ogé ka aparat désa satempat. Sanggeus aparat désa ngaroris di tempat kapanggihna éta batu, tungtungna mah batu rata téh henteu dipaké deui jadi panggilesan, lajuna mah ku nu boga imah téh diteundeun di sisi sumur.

Numutkeun suwargina Kang David Kwa, panitén budaya katurunan Tionghoa nu harita dumuk di Kota Bogor, éta batu téh mangrupa bongpay atawa batu nisan Tionghoa milik hiji istri urang Tionghoa nu ngaranna Tan Kiauw Nio atawa Nyonya Tjoa, anu diadegkeun ku putra-putrina anu ngaranna: Tjoa Po Hoat, Tjoa Seng Nio, Tjoa ( ?) Nio, jeung Tjoa Tjhoe Nio dina jam soetsie, ping 24, bulan dua, Tong Tie taun ka-6 atawa mun dikonvérsi ka kalénder Masehi mah, nyaéta dina poé Juma’ah, jam 19-21, tanggal 29 Maret taun 1867.

Ogé disebutkeun dina batu nisan ieu yén bibit-buit Ny. Tjoa téh asalna ti wewengkon Tjingkang, Propinsi Hokkian (Fujian), Negeri Tiongkok. Hokkian téh nyaéta wewengkon asal lolobana imigran ti Tiongkok anu bubuara di Pulo Jawa.

Dina awal Agustus 2024 kamari, balebat.net kungsi ngalongok deui kaayaan batu bongpay ieu. Ayeuna mah bongpay téh geus henteu deui digolérkeun di sisi sumur, tapi ku nu boga imah, bongpay téh di tapelkeun dina dingding témbok di hareupeun imahna, anu masih padeukeut jeung sumur anu baheula. Sigana waé sumur téh ayeuna mah tos teu pati kapaké, da pikeun nyumponan kabutuhan cai beresih, imah ieu tos ngagunakeun cai ti PDAM satempat.

Ayana bongpay ti abad ka-19 ieu nunjukkeun yén di wewengkon Nanggung kungsi aya komunitas Tionghoa. Maranéhna lolobana digawé di perkebunan. Aya nu jadi pagawé biasa, aya ogé nu jadi mandor. Dina waktu éta di Nanggung aya dua perkebunan gedé milik kulawarga tuan tanah van Motman anu ngokolakeun komoditi entéh jeung kopi Liberia. (HMA)

By redaksi

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *