Bulud Mulud atawa bulan Rabiul Awal pikeun sabagian warga masyarakat anu miboga barang pusaka sarta masih marakékeun tali paranti kénéh, idéntik jeung kagiatan ngaberesihan atawa ngumbah pusaka.

Kagiatan ngumbah pusaka dilakukeun ogé ku Masyarakat di Karadénan Kecamatan Cibinong Bogor. Di Karadénan mah kagiatan ieu biasa disebut jamasan. Kecap jamas atawa jamasan, sabenerna mah lain kecap tina basa Sunda, tapi asalna tina basa Jawa kromo inggil anu hartina ngamandian atawa susuci atawa ngumbah.

Di wilayah Karadénan, saluyu jeung ngaranna, mémang lolobana anu dumuk di dinya masih katurunan radén atawa teureuh ménak. Ogé, rata-rata maranéhna masih miboga pusaka anu diwariskeun ti luluhurna. Barang pusakana aya nu mangrupa keris, gobang, kujang, mata tumbak jeung rupa-rupa deui anu séjénna.

Kusabab sakitu lobana nu miboga barang pusaka di sabudeureun Karadénan, akhirna dina taun 2015 barang-barang pusaka éta dikumpulkeun di salasahiji rohangan di Masjid Kaum Al-Atiqiyah nu aya di Jalan Kaum I Karadenan, Cibinong. Di rohangan ieu pisan barang pusaka téh ditata jeung ditempatkeun sacara merenah, nepi ka akhirna rohangan ieu disebut museum keris.

Kagiatan jamasan atawa ngumbah barang pusaka di Museum Keris Karadénan, Cibinong ieu dilakukeun unggal taun sakali dina tanggal 11 bulan Mulud. Barang pusaka anu dikumbah téh lain waé pusaka koléksi Museum Keris sorangan, tapi ogé pusaka-pusaka ti warga sabudeureun Karadénan anu barangna kabeneran henteu dititipkeun ka museum.

Aya sababaraha tahapan dina prosési jamasan barang pusaka ieu. Anu pangmimiti, nyaéta ngumpulkeun pusaka-pusaka ieu, laju dikeueum dina cai kalapa sapeuting jeput. Isukna, barang-barang pusaka ieu digosok maké jeruk nipis nepi ka karahana rontok, atawa nepi ka pamor nu aya dina pusaka ieu leuwih atra katempo. Sanggeus dituhurkeun, koléksi barang pusaka lajuna dikeueum dina cai warangan.

Peutingna, saba’da sholat Isya, barang pusaka téh dihaseupan ku haseup menyan atawa anu sajenisna. Prosés ieu téh di Karadénan mah disebutna ngawukup. Salila ngawukup barang pusaka, dibacakeun asrokol jeung sholawat ku jamaah masjid. Réngsé macakeun asrokol, réngsé ogé ngawukup koléksi pusakana. Satuluyna mah pusaka-pusaka téh disimpen deui di museum. (HMA)

By redaksi

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *