Tim Ahli Cagar Budaya (TACB) Kabupatén Bogor katut réngréngan ti Dinas Kebudayaan dan Pariwisata (Disbudpar) Kabupatén Bogor poé Salasa kamari (29/10/24) ngalakukeun panalungtikan di Batu Tapak Cadas Konéng dina raraga nyieun rékoméndasi pikeun nangtukeun bisa henteuna objék batu tapak ieu ditetepkeun salaku cagar budaya.
Tempat anu dijugjug keur panalungtikan téh nyaéta hiji tempat anu disebut Cadas Konéng ku masarakat dinya anu jauhna kira-kira tilu kilométer ti Kampung Urug, Désa Urug, Kecamatan Sukajaya. Objék panalungtikanana mangrupa batu tapak suku anu aya dina batu gedé di kamalirna walungan Cidurian.
Aya lima urang anggota TACB Kabupatén Bogor anu dipupuhuan ku arkeolog Kartum Setiawan anu miluan dina kagiatan ieu. Samentara ti pihak Disbudpar aya Indi Richdian salaku Kepala Séksi Cagar Budaya dan Sejarah (CBS) katut tilu urang staf, nyaéta Obay Sobari, Ikhsan jeung Pandi.
Dina kasempetan ieu, Indi Richdian ngajelaskeun, kagiatan ieu mangrupa program digawé Séksi CBS dina taun anggaran 2024, pikeun netepkeun cagar budaya tingkat kabupatén Bogor anu dimimitian ku panalungtikan tim TACB, laju dituluykeun ku sidang rékomendasina.
Saméméh ngajugjug ka Cadas Konéng, rombongan sindang heula di Imah Gedé Kampung Adat Urug Lebak anu ditarima langsung ku Abah Ukat, salaku Kokolot Adat.
Abah Ukat kungsi cumarita dumasar tradisi lisan nu geus lumangsung turun-tumurun, yén Batu Tapak Cadas Konéng, oge Batu Tapak Harkat Jaya geus aya saméméh Kampung Urug gelar. Loba deui hal anu dicaturkeun ku Abah Ukat ieu, kaasup nyebutkeun yén Prabu Siliwangi gé ka dieu heula saméméh tilem. Abah Ukat ogé miharep, sangkan jalan anu geus dijieun alatan ayana proyék Bendung Cidurian, diteruskeun tepi ka Cadas Konéng.
Réngsé silaturahmi jeung Abah Ukat, rombongan neruskeun lalampahan ngajugjug ka Cadas Koneng anu dibaturan ku Abah Maman jeung Kang Isro. Abah Maman téh anu boga lahan sawah anu padeukeut pisan jeung Batu Tapak Cadas Konéng. Ari Kang Isro mah juru pelihara (jupel) Batu Tapak Cadas Konéng anu diangkat ku Disbudpar Kabupatén Bogor ti taun 2021 ngagantikeun bapana.
Sanggeus ngaliwatan jalan lembur nu aya di lolongkrang antara imah jeung imah di Kampung Urug nu brasna mah ka jalan gedé anu can diaspal. Jalan ieu téh mimiti digarap sawaktu ayana proyék ngawangun bendung Cidurian nu aya dikiduleun Kampung Urug. Ti dinya terus mapay jalan nepi ka nyebrang rawayan gantung luhureun walungan Cikatomas. Nilik kana konstruksi jeung kelir ieu rawayan, mirip pisan jeung rawayan gantung nu diwangun ku TNI nu teu jauh ti Prasasti Ciaruteun.
Ti dinya lalampahan dituluykeun ngaliwatan jalan satapak, mapay galengan sawah, jeung nété pasir anu lumayan tarahal, ogé sababaraha kali reureuh heula, ahirna mah nepi ogé ka tempat anu dituju. Teu kurang ti sa-jam leumpang suku ti Imah Gedé Kampung Urug tepi ka Batu Tapak Cadas Konéng ieu.
Batu Tapak Cadas Konéng téh mangrupa gambar tapak suku anu diukir dina batu monolit andésit. Batuna sorangan ukuranana lumayan gedé, miboga panjang: 2,66 méter; lébar: 1,69 méter; jeung jangkung: 0,9 méter. Gambar tapak sukuna bisa langsung kanyahoan yén éta téh tapak suku manusa belah katuhu tina wangunna anu lonjong-panjang. Ukuran tapak sukuna nyaéta, panjang: 33 séntiméter; lébar belah hareup (ramo): 15 séntiméter; lébar belah tukang (keuneung): 9 séntiméter.
Numutkeun Kang Isro, batu tapak ieu téh kungsi pindah tempat nalika aya kajadian caah déngdéng walungan Cidurian taun 2021. Batu nu tadina aya dina kamalirna walungan, pindah 30 méter ka kalérkeun ka tempat nu ayeuna persis di sisi walungan.
Numutkeun Garbi Cipta Perdana, anggota TACB Kabupatén Bogor anu miboga kasangtukang arkéologi, tradisi nyieun ukiran tapak suku di tatar Sunda geus lumangsung ti abad ka-lima dugi abad ka-16 Maséhi. Gambar tapak suku dina batu umumna dianggap tanda kakawasaan raja di wilayah ieu. (HMA)