Lolobana urang Bogor mah geus papada apal di mana lebahna jalan MA Salmun. Ngan mun ditanya saha ari MA Salmun téh? Réréana mah ngagideug bakating ku teu nyaho.
MA Salmun, lengkepna mah Mas Atjé Salmun Raksadikaria, hiji bujangga anu kungsi ngaramékeun dunya sastra Sunda jeung Indonésia. Inyana kaasup bujangga tilu jaman, ti mimiti jaman kolonial Walanda, jaman Jepang, nepi ka alam kamerdékaan.
Salmun dibabarkeun di Rangkasbitung tanggal 23 April 1903. Bapana, nyaéta Mas Abusa’id Raksadikaria, saurang asistén wadana Panyosogan, Kabupatén Sérang, Banten anu basa keur ngorana kaitung panari nu kakoncara jeung ogé sok nulis sandiwara anu baheula mah disebut kamidi.
Sedengkeun indungna, Nyi Mas Samayi, katurunan ménak Lebak. Ceuk cenah indungna Salmun téh tapis maca Latén, Jawa, Sunda, ogé bisa gunemcatur dina basa Jawa, Kawi, jeung Malayu, sarta saeutik-saeutik ngarti kana ngomong Walanda, Arab, jeung China. Ogé Nyi Mas Samayi loba kanyahona dina widang Pustaka bihari, teu anéh mun sok jadi tempat tatanya para sarjana Walanda.
Karya MA Salmun pangheulana, mangrupa dangding jeung carita pondok anu dimuat dina Volksalmanak Soenda jeung majalah Parahiangan wedalan Balé Pustaka. Saterusna Salmun ngarang ogé wawacan, gending karesmén, éséy, roman, sajak-sajak, jeung sajabana.
Saréngséna sakola di HIS, MA Salmun ngamimitian digawé di Kantor Pos, Telepon & Telegrap (PTT) Rangkasbitung, laju dipindahkeun ka Tanjung Karang. Di dieu pisan inyana mimiti ngarang kalayan soson-soson, sarta ngirinkeun tulisan-tulisanana ka Balé Pustaka.
Karyana anu munggaran dibukukeun, nyaéta Moro Julang Ngaleupaskeun Peusing (1923), disusul ku Sungkeman Gelung (1928), tatapi dua-duanana ogé henteu diterbitkeun ku Balé Pustaka. Lian ti éta Salmun ogé loba nulis naskah gending karesmén, saperti Mundinglaya (1933), Kelenting Kuning (1933), Lénggang Kancana (1934) anu kungsi dialihbasakeun ku Armijn Pané ka basa Indonésia. Gending Karesmén panungtung nu ditulis ku MA Salmun, nyaéta Arya Jalak Harupat (1954) anu mangrupakeun Riwayat hirup pahlawan nasional Otto Iskandardinata.
Taun 1938 MA Salmun jadi anggota Sidang Pangarang Sunda Balé Pustaka anu harita loba medalkeun wawacan, di antarana: Ciung Wanara (1939); Mundinglaya (1940); Ékalaya Palastra (1940); Asmarandhana (1942) jeung Goda Rancana (1943).
Salmun kungsi kaluar ti Balé Pustaka taun 1943, terus pindah jadi pagawé luhur pamong praja di Banten, tapi ahirna balik deui ka Balé Pustaka (1948 – 1951). Dina taun 1949 Salmun ngarang Padalangan Pasoendan, laju ngédit Mahabharata (1950), ngaropéa wawangsalan jeung sisindiran karya Mas Adiwinata jeung Radén Bratakusumah jadi sisindiran (1950), sarta ngarang Gogoda ka nu Ngarora (1951).
Ceuk Salmun, Gogoda ka nu Ngarora téh sambungan roman Baruang ka nu Ngarora (1914) karya DK Ardiwinata. Atuh teu antaparah réa sastrawan anu teu panuju kana naon anu didugikeun ku Salmun. Alesan kateupanujuanana mah kusabab visi, ideu jeung jejer ti kadua roman téh béda pisan. Aya nu nuduh ku digunakeunana katerangan siga kitu, Salmun téh ngaboncéng kamashuran jeung kahadéan roman Ardiwinata. Salmun sorangan geus méré sanggahan kana tuduhan-tuduhan kitu téh.
Nalika Fakultas Sastra UI muka mata kuliah basa Sunda, Salmun diangkat jadi dosén luar biasa taun 1951. Inyana ogé milu aktif dina Konferénsi Basa Sunda di Bandung taun 1952. Konferénsi ieu hasil ngadegkeun Lembaga Basa jeung Sastra Sunda (LBSS).
Kacintana kana basa Sunda diwujudkeun ku Salmun dina ilubiungna marajian medalna kalawarta Tjandra (1954), Manglé (1957), jeung Sari (1963) di Bogor. Dina majalah-majalah éta, inyana getol midangkeun karya-karyana anu mangrupa carita nyambung atawa bahasan ngeunaan sastra.
Carita-carita nyambungna satuluyna loba dibukukeun, di antarana: Budah Cikapundung (1965); Angeun Haseum (1965); Villa Bati Nyeri (1966) jeung Néangan Bapa (1966). [HMA/ ti sawatara sumber]
Nembe terang MA Salmun teh saha,hatur nuhun kanggo tim redaksi Balebat
Haturnuhun kintunanna Kang Hendra. Pangersa M.A. Salmun wargi kami ti Djasinga. Aya keterkaitan nasab antawis Menak Djasinga sareung Menak Rangkasbitung (Lebak).
Hatur nuhun carita na mugi nambihan pengetahuan kanggo rencang sadayana.
Alhamdulillah nambih wawasan.
Haturnuhun pisan.