Kotakan-kotakan téh digurat di luhur taneuh maké kapur bodas. Rizal (9) ajleng-ajlengan ti kotakan kahiji ka kotakan-kotakan saterusna. Babaturanana sasakola di SDN Pasanggrahan 3, Kecamatan Cilawu, Kabupatén Garut aya anu arulin gatrik, pérépét jéngkol, rorodaan, nepi ka sorodot gaplok.

Réntétan kaulinan tradisional Sunda nu dijéntrékeun di luhur nyampak basa diayakeun Pasanggiri Kaulinan Barudak Urang Lembur di lapang Ngamplang, Désa Cimaragas, Kecamatan Cilawu, Garut, Rebo (12/5). Sanajan dina jejer kaulinan barudak, pamilonna henteu ngan barudak, nu geus sasawa gé aya nu milu ilubiung kana acara éta, minangka bagian ti tilu belas pamilon wawakil kecamatan sa-Kabupatén Garut.

Gelaran pasanggiri kaulinan barudak ieu mangrupa salah sahiji usaha pikeun ngamumulé kaulinan tradisional. Sabab, kiwari barudak leuwih gumbira aya di hareupeun layar hapé atawa komputer ngulinkeun kaulinan online, sedengkeun kaulinan barudak tradisional mimiti kapopohokeun.

Kaulinan anu dipasanggirikeun, dimimitian ku sondah, gatrik, pérépét jéngkol, bebedilan, rorodaan, kelom batok, jajangkungan, sarta éngklé. Keur nangtukeun nu meunang, dipungkas ku kaulinan sorodot gaplok.

Di antara kaulinan nu dipasanggirikeun, bebedilan jadi nu panghéséna. Saeutik pisan pamilon nu langsung bisa keuna kana sasaran dina sakali némbak. Rata-rata kudu ngulang puluhan kali. Teu aya pamilon nu terus ambek, alatan sasaranna teu keuna baé. Pamustunganana manéhna teu neruskeun usahana sabab lawanna geus ngahontal gurat leuwih tiheula. Kaulinan bebedilan ieu boga mangpaat diantarana  pikeun ngasah konséntrasi budak.

Kaulinan barudak jaman baheula memang loba, rupa-rupa, sarta euyeub ku ajaran, ceuk légégna mah pinuh ku filosofi. Kaulinan éta mucnghul teu leupas tina lingkungan tempat éta barudak tumetep. Barudak anu ngalaman budaya tatanén, jauh ti pangwangunan modérn, hirup di tengah sérang (sawah), huma, jeung walungan pasti kungsi ngasaan ngulinkeun kaulinan-kaulinan di luhur. Salila aya amparan taneuh kosong di dinya aktivitas ulin baris dipigawé, terus sanajan peuting geus manjing gé.

Wewengkon Garut anu wewengkonna mangrupa pasawahan, pakebonan, jeung walungan di mana-mana. Tapi, dina kahirupan nyata, kaulinan urang lembur, kiwari geus kasingkirkeun ku jaman. Bareng jeung ngilesna amparan lapang tempat ulin, anu neruskeun ngulinkeun kaulinan baheula gé lalaunan milu leungit. Kabiasaan ulin mimiti robah, bareng jeung sumarambahna téknologi visual modérn, nu napak ka unggal wewengkon.

foto nyutat tina : https://basasunda.com/kaulinan-barudak-sunda-baheula/

By admin

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *