Pamaréntah Provinsi Jawa Barat geus netepkeun 54 karya budaya minangka Warisan Budaya Takbenda (WBTB) dina taun 2023. Hal ieu geus diumumkeun ku Kepala Dinas Pariwisata dan Kebudayaan Provinsi Jawa Barat Benny Bachtiar jeung Tim WBTB Jawa Barat, Salasa 28 Pébruari 2023. .

Pikeun nangtukeun karya budaya mana waé anu pantes ditetepkeun minangka WBTB, Disparbud geus ngalaksanakeun sababaraha tahapan, ti mimiti narima karya budaya nu diusulkeun ku instansi anu ngurus kabudayaan di 27 kabupatén/kota sa-Jawa Barat, panalungtikan usulan karya budaya ku tim ahli WBTB Jawa Barat, sarta ngalakukeun sidang keur netepkeun WBTB Jawa Barat taun 2023 nu dilaksanakeun dina ping 7-8 Désémber 2022.

“Alhamdulillah urang bisa nangtukeun 54 WBTB Jawa Barat anu geus ditetepkeun. Tangtu waé hal ieu mangrupa salasahiji tarékah anu penting pikeun urang ngajaga sarta ngamumulé karya budaya Jawa Barat,” ceuk Benny Bachtiar.

Nurutkeun inyana, kabudayaan mangrupa kakuatan pikeun ngamajukeun séktor pariwisata jeung industri kréatif. Inyana ogé miharep, ka hareupna 54 karya budaya anu ditetepkeun jadi WBTB bisa dioptimalkeun pikeun jadi obyék wisata sangkan bisa narik wisatawan doméstik jeung mancanagara pikeun nganjang ka Jawa Barat.

Dina kagiatan ieu,Kepala Bagian Kebudayaan Disparbud Jawa Barat, Fébiyani, jeung Pupuhu Tim WBTB, Bucky Wibawa Karya Guna ogé hadir, dibarengan ku para anggotana, nyaéta Dinda Satya Upaja Budi, M. Zaini Alif, Laina Rafianti, Hikmat Nashrullah Latief, jeung Irvan Setiawan. Fébiyani ngalaporkeun yén kagiatan netepkeun peringkat provinsi WBTB mangrupa inovasi akseleratif anu dilaksanakeun Jawa Barat ti taun 2020, sarta geus miboga hasil anu positif. Lantaran taun kamari, Jawa Barat kacatet minangka provinsi anu kadua panglobana di tingkat nasional dina hal netepkeun karya budaya WBTB.

Lolobana mah karya budaya nu ditetepkeun téh datangna ti wilayah Cirebon jeung Priangan. Atuh ti Karawang, Cianjur jeung Sukabumi kacatet aya sababaraha, malah ti Dépok gé aya. Ngan hanjakalna ti Kota Bogor jeung Kabupatén Bogor mah taun ieu suwung deui waé. Taun ieu ditangtukeun 54 karya budaya, diwangun ku 31 karya budaya hasil sidang tim WBTB Jawa Barat jeung 23 karya budaya lianna anu geus kacatet minangka WBTB Indonesia anu ti Jawa Barat. Hasil sidang ieu bakal jadi dadasar ngusulkeun karya budaya ti Jawa Barat sangkan jadi WBTB Indonésia taun 2023.

Di handap ieu daptar WBTB Jawa Barat 2023:Hasil sidang netepkeun WBTB Jawa Barat tanggal 7-8 Désémber 2022 (31 karya budaya):

1. Ajéng Kasumedangan (Kabupatén Sumedang)
2. Cangkang Bénjang (Kasenian Kabupatén Pangandaran)
3. Brai (Kabupatén Cirebon)
4. Carulung (Kabupatén Purwakarta)
5. Gaclé (Tradisi Kabupatén Sukabumi)
6. Galah Bandung (Kota Bandung)
7. Gékbreng (Kabupatén Sukabumi)
8. Gombyang Dermayu (Kabupatén Indramayu)
9. Gula Cikeris (Kabupatén Purwakarta)
10. Kurupuk Mlarat (Kota Cirebon, Kabupatén Cirebon)
11. Kurupuk Bangréng (Kabupatén Sumedang)
12. Mendong (Kota Tasikmalaya)
13. Mipit Paré Kasepuhan Banten Kidul (Kabupatén Sukabumi)
14. Nadran Cirebon (Kabupatén Cirebon, Kota Cirebon)
15. Ngawuwuh (Kabupatén Garut)
16. Nyimur Kasepuhan Banten Kidul (Kabupatén Sukabumi)
17. Nyiram Gamelan Sekatén Cirebon (Kota Cirebon)
18. Patipung–Tipung Balung (Kota Bandung)
19. Ubar Tradisional Awak Raksa (Kabupatén Sumedang)
20. Peupeusingan (Kota Bandung, Kabupatén Bandung)
21. Rebut Dangdang (Kota Dépok)
22. Ronggéng Ketuk (Kabupatén Indramayu)
23. Ronggéng Slérek (Kabupatén Indramayu)
24. Séga Bogana (Kota Cirebon)
25. Sérén Taun Nampa Taun Mapag Taun Kasepuhan Girijaya (Kabupatén Sukabumi)
26. Silat Godot (Karawang)
27. Tilas Lauk Permaisuri Karaton Cirebon (Kota Cirebon)
28. Tampaling (Kabupatén Pangandaran)
29. Tradisi Ngapem Karaton Cirebon (Kota Cirebon)
30. Tradisi Tawurji Keraton Cirebon (Kota Cirebon)
31. Ulin Barong Sékéloa (Kota Bandung)

Karya budaya nu geus jadi WBTB Indonésia ti Provinsi Jawa Barat (23 karya budaya):
1. Arumba (Jawa Barat)
2. Burayot (Kabupatén Garut)
3. Colénak Bandung (Kota Bandung, Kabupatén Bandung)
4. Docang (Kota Cirebon)
5. Dodol Garut (Kabupatén Garut)
6. Géco (Kabupatén Cianjur)
7. Gogolékan (Kota Bandung)
8. Hahayaman (Kota Bandung)
9. Hajat Wawar (Kabupatén Subang)
10. Hong-hongan (Kota Bandung)
11. Maénpo Cikalong (Kabupatén Cianjur)
12. Marak Lauk (Jawa Barat Wilayah Budaya Priangan)
13. Paciwit-ciwit Lutung (Kota Bandung)
14. Pakaléng-kaléng Agung (Kota Bandung)
15. Papanggalan (Jawa Barat Wilayah Budaya Priangan)
16. Pérépét Jéngkol ((Jawa Barat Wilayah Budaya Priangan)
17. Sampyong (Kabupatén Majalengka)
18. Sega Jamblang (Kota Cirebon, Kabupaten Cirebon)
19. Tari Buyung (Kabupaten Kuningan)
20. Upacara Munjung Majalengka (Kabupaten Majalengka)
21. Wajit Cililin (Kabupaten Bandung Barat)
22. Wayang Cepak Dermayu (Kabupaten Indramayu)
23. Wuku Taun Kampung Cikondang (Kabupaten Bandung). (sumber ti Disparbud Jabar)

By redaksi

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *